Renungan ‘Idul Adha 2017 Bahasa Sunda

0
371

Mangrupikeun Renungan ‘Idul Adha dina tahun 2017

الله أكبر الله أكبر الله أكبر، الله أكبر الله أكبر الله أكبر ،لله أكبر الله أكبر الله أكبر، ولله الحمد

الْحَمْدُ للهِ الذي صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ اْلأَحْزَابَ وَحْدَهُ، وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إلَهَ إِلاَّ الله وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَ نَبِيَ بَعْدَهُ، اللهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى الِهِ وَصَحْبِهِ وَأَتْبَاعِهِ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ اْلقِيَامَةِ، أمَّا بعْدُ، فيَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا اللهَ تَعَالَى بِفِعْلِ الطَّاعَاتِ فَقَدْ قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِي كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ: إِنَّا أَعْطَيْنَاكَ الْكَوْثَرَ. فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ. إِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْأَبْتَرُ وَ قَالَ أَيْضًا وَقُلِ الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي لَمْ يَتَّخِذْ وَلَدًا وَلَمْ يَكُنْ لَهُ شَرِيكٌ فِي الْمُلْكِ وَلَمْ يَكُنْ لَهُ وَلِيٌّ مِنَ الذُّلِّ وَكَبِّرْهُ تَكْبِيرًا

Ma’asyir al-muslimīn rahīmanī wa rahīmakumullāh,

Kalayan izin Alloh Nu Kagungan Maha Ngadangu sareng Maha Uninga. Ku kersaning Gusti. Kalayan rahmat sareng pitulung Gusti. Kalayan qudrot sareng irodat Gusti. Sadayana puji kagungan Alloh.

Dina dinten ieu, urang sadayana seja ngalaksanakeun kata’atan musatkeun jiwa raga kanggo taqorub ka Alloh swt.

Dina dinten ieu, kirang langkung ti samilyar penduduk bumi ngalafadzkeun kalimah takbir, tahlil sareng tahmid, nu janten proklamasi internasional kana kaagungan Allah Rabbul ‘alamin, Pencipta sareng Penguasa Tunggal alam semesta. Hiji-hjina anu layak disembah, dipuji sareng dipuja.

Proklamasi akbar ieu dilaksanakeun sekaligus dina dua momentum anu penting. Nu kahiji, di kawasan Makkatul Mukarramah jutaan tamu Allah bergerak ti Muzdalifah menuju Mina kanggo ngalontar jumrah anu mangrupikeun bagian utuh tina rangkaian ibadah haji. Nu kadua, di setiap kampung, di kota, di gunung-gunung, di tiap negara serentak ngalaksanakeun shalat ‘Idul Adha sareng meuncit hewan qurban.

Dina dinten ieu, catetan sajarah pinuh kualitas, hiji kisah jalmi agung anu diangkat ku Allah Swt sabage Nabi sareng Rasul, nyaeta kisah Nabi Ibrahim as. kabuka deui, ninggalkeun kakaguman sakaligus kabanggaan kana kamulianana. Detik-detik waktos kisah keluarga Nabi Ibrahim as. Satiap taun direka ulang dina ibadah haji.

Dina dinten ieu, nikmat ajaran tauhid anu diwariskeun Nabiyulloh Ibrahim as. mampu ngahijikeun jiwa-jiwa anu ngarindukeun surga, anu mikacinta kasalametan tur ngutamakeun kabahagiaan dunya sareng akherat, kalayan teras ikhtiar milari pembelajaran terbaik tina eta kanggo neraskeun kacinta ka Alloh swt sareng kabiasaan maca shalawat ka anjeuna.

Dina dinten ieu, du’a-du’a anu parantos disuhunkeun sang kekasih Allah, ngabangkitkeun ruh kaum beriman dina berjuang ngamerdekakeun dirina sangkan bebas tina segala bentuk sesembahan mung ka Allah Rabb al-‘Izzati wa al-Jalālah hungkul.

Du’a-du’a anu parantos dipanjatkeun Nabi Ibrahim a.s. dina satiap waktos, insya Alloh baris nyarengan ka urang sadayana. Surat asy-Syura [26] ayat 83-85 ngajelaskeun:

رَبِّ هَبۡ لِى حُڪۡمً۬ا وَأَلۡحِقۡنِى بِٱلصَّـٰلِحِينَ  وَٱجۡعَل لِّى لِسَانَ صِدۡقٍ۬ فِى ٱلۡأَخِرِينَ وَٱجۡعَلۡنِى مِن وَرَثَةِ جَنَّةِ ٱلنَّعِيمِ

Nun pangeran abdi, mugi masihan gusti ka abdi hikmah, sareng mugi ngalebetkeun gusti ka abdi ka golongan jalmi-jalmi anu soleh, sareng mugi ngajantenkeun gusti ka abdi buah tutur anu bener/sae kanggo jalmi-jalmi anu bakal dongkap. Sareng mugi ngajantenkeun gusti ka abdi sabage pewaris surga anu pinuh kanikmatan.

Hadirin,

Nabi Ibrahim as. tos masihan rupi-rupi inspirasi sareng teladan paripurna kanggo tumbuhna keikhlasan anu teu aya batas, sarta totalitas kapasrahan kana kamahakuasaan robbul jalil, ngajantenkeun catatan sajarah anu teu pernah kapupus ku zaman, kacatet dina kalam emas lembaran sejarah kahirupan manusia. Urang janteun paham, naha Allah marentah:

وَٱتۡلُ عَلَيۡهِمۡ نَبَأَ إِبۡرَٲهِيمَ

Jeung bacakeun ka maranehna kisah Ibrahim. (QS. asy-Syu’araa [26] ayat 69)

Allahu Akbar 3x

Ma’asyir al-muslimīn rahīmakumullāh,

Bahan lenyepaneun, kumaha Nabi Ibrahim a.s. teu kabawa sakaba-kaba ku kayakinan jeung kabudayaan masyarakatna anu ngajadikeun patung-patung jadi sembahan. Allah ngajelaskeun  dina  Surat Al-An’am [6] ayat 74

وَإِذۡ قَالَ إِبۡرَٲهِيمُ لِأَبِيهِ ءَازَرَ أَتَتَّخِذُ أَصۡنَامًا ءَالِهَةً‌ۖ إِنِّىٓ أَرَٮٰكَ وَقَوۡمَكَ فِى ضَلَـٰلٍ۬ مُّبِينٍ۬

Jeung nalika Ibrahim nyanggeum ka ramana AAzar, “Apa naha panteus apa ngajantenkeun patung-patung sebage sembahan-sembahan? Sayaktosna abdi ninggal ka apa sareng ka kaum apa teh aya dina kasasaran anu tetela.

Bahan lenyepaneun, kumaha Nabi Ibrahim a.s. mampu ngagunakeun daya pakirna nalika nafakuran ieu alam sareng saeusina. Sahingga anjeuna aya dina titik akhir anu nenangkeun jiwana, hiji hal anu samasekali teu dikapendak dina peradaban Yunani Kuno sok sanajan maranehna geus satekah polah dina neangana. Hal ieu dijelaskeun dina Surat Al-An’am [6] ayat 76-78: Anu terjamah bebasna:

Nalika peuting geus poek, anjeuna ninggal hiji bentang teras nyarios.ieu pangeran kuring teh. Tapi nalika bentang ngaleungit, anjeuna nyarios. Kuring teu resep ka anu ngaleungit. Teras nalika ninggal bulan muncul anjeuna nyarios, ieu pangeran kuring. Tapi saatos bulan ngaleungit anjeuna nyarios “Saenya-enyana, lamun pangeran kuring teu masihan pituduh ka kuring. Pasti kuring kaasup jalma anu sasar”. Teras nalika ninggal panon poe muncul anjeuna nyarios, ieu pangeran kuring teh leuwih gede. Nya nalika panon poe suruf, anjeuna nyarios. Hai kaom kuring sayaktosna kuring berlepas diri tinu ku aranjeun dimarengkeun.

Bahan lenyepaneun, kumaha Nabi Ibrahim a.s. mampu mutuskeun hal anu penting dina hirupna, yakin kana hal anu paling poko, sok sanajan beda jeung batur, anjeuna turut kana fitrahna anu  paling suci. Surat Al-An’am [6] ayat 79 nyebatkeun:

إِنِّى وَجَّهۡتُ وَجۡهِىَ لِلَّذِى فَطَرَ ٱلسَّمَـٰوَٲتِ وَٱلۡأَرۡضَ حَنِيفً۬ا‌ۖ وَمَآ أَنَا۟ مِنَ ٱلۡمُشۡرِكِينَ

Sayaktosna abdi ngahadapkeun wajah abdi ka pangeran anu nyiptakeun langit sareng bumi kalayan tuhu kana agama anu benar, sareng abdi sanes ti golongan anu malusyrik.

Bahan lenyepaneun, kumaha Nabi Ibrahim a.s. tiasa tetep miara ruh sareng jiwa pengorbanan anu ngajantenkeu pesan ibadah dina dinten ieu. Margi pengorbanan ngarupakeun inti beragama, urang mustahil tiasa beragama saupami teu disertai pengorbanan. Dina milari bekel keur di dunya atanapi bekel ti dunya di mana tos ninggalkeun alam ieu, diperyogikeun pengorbanan- pengorbanan. Contona  siap ninggalkeun sagala rereged sareng pamikiran-pamikiran anu teu cocok sareng arahan Alloh sareng Rasul-Na.

Sacara teges Alloh nganyatakeun yen pangorbanan hiji hamba manfaatna bakal balik ka eta hamba sorangan jeung kamaslahatan balarea. Kamari urang diemutan, demi kata merdeka,  pengorbanan sepuh urang sadaya teu terhitung. Dinteun ayeuna urang diemutan deui kana pengorbanan- pengorbanan Nabiyulloh Ibrahim AS, Nabi Ismail AS sareng Siti Hajar. Kumaha Nabi Ibrahim nampi parentah sangkan Siti Hajar sareng Nabi Ismail anu masih keneh nyusu kedah nyicingan hiji lembah anu garing, gersang tur sepi. Teras nalika Ismail nincak dewasa keur meujeuhna pikalucueun. Alloh ngizinkeun para malaikat nguji kaimanan sareng katakwaan Nabi Ibrahim sareng keluarga. Sapertos anu diabadikeun dina Al-Qur’an:

قَالَ يَا بُنَيَّ إِنِّي أَرَى فِي الْمَنَامِ أَنِّي أَذْبَحُكَ فَانظُرْ مَاذَا تَرَى قَالَ يَا أَبَتِ افْعَلْ مَا تُؤْمَرُ سَتَجِدُنِي إِن شَاء اللَّهُ مِنَ الصَّابِرِينَ

Ibrahim nyanggem: “Hai anaking sayaktosna bapa ninggal dina impenan yen bapa teh meuncit salira, “kumaha pendapat salira? Ismail ngawaler, Apa, pidamel naon anu tos diparentahkeun ka Apa. Insya Allah abdi kalebet jalmi anu sabar.” (QS As-shaffat: 102).

Allahu Akbar 3x

Nabi Ibrahim lolos tina ujian eta. Allah ngabales ngagentos ku hiji domba anu lintuh. Al-Qur’an surat As-Saffat ayat 107-110:

Dina ngalaksanakeun kataatan ka Alloh. Nabi Ibrahim tos ngabuktikeun yen dirina sanggup ngorbankeun egona keur tujuan mertahankeun nilai-nilai Ilahi kalayan pinuh kaikhlasan sareng kasabaran. Nabi Ibrahim nempuh jalan pendekatan diri ka Allah sakumaha makna qurban, nyaeta pendekatan diri.

Allahu Akbar 3x

Ma’asyir al-muslimīn rahīmakumullāh,

Dinten ieu, Allah manggil ka urang sadaya sangkan kembali janten hamba Alloh anu lurus  tauhid. Mancegkeun sandaran kana maklumat Gusti Allah atawa pituduh Rasulullah, mancegkeun pasangan, masangkeun batin sabagi nu boga lalakon lahirna dibawa ku batin. mancegkeun pandangan, mandang rido Alloh.

Dinten ieu, Alloh ngemutan deui sangkan urang miboga keteguhan iman narima parentah kalayan ikhlas, sabar sareng tawakkaltu ‘alalloh.

Dinten ieu, Allah nguatkeun ka urang sadaya kana tekad supaya kembali kana semangat pengorbanan. Definisi ieu makna filosofisna mendasar pisan dina kahirupan. Margi al hayaatu jihaadun (Hirupteh perjuangan).

Dinten ieu, Allah ngadorong sangkan urang kembali ngajadikeun Islam sabage panduan utama dina ngabina diri sareng ngahisab diri samemeh datangna poe hisaban.

Mangga urang neraskeun kacintaan Nabi Ibrahim a.s. dina ngamulyaleun akhlak, nyiar elmu, ikhtiar, beramal, sareng berdo’a.

Mugia Allah, ngumpulkenlah hate-hate urang sadaya dina dasar kecintaan ka Alloh,  nepungkeun dina jalan kataatan ka Alloh, ngahijikeun dina jalan dakwah, sareng ngabeungkeut dina janji setia karena Alloh, madukeun jiwa-jiwa sabage hamba-hamba Alloh anu iman sareng taqwa.

Mugia Idul Adha ieu ngajantenkeun semangat pengorbanan anu hakiki. Hiji semangat anu jadi poko hirup sareng kahirupan menuju ridha Ilahi, sakaligus nyaangan hate keur nyaksikeun kanyataan kana kaagungan Alloh sareng kanyataan kahirupan di sabundereun urang. Ulah ngajantenkeun nafsu tiasa nutupan kana hak na Alloh di sakitar  urang. Sareng mugia tiasa kabuka sapertos  cahaya dhuha anu ku urang dirayakeun ieu. Wilujeng berkurban.

Billahi fii sabililhaq. Hapunten tina sadaya kalepatan.

رَبَّنَا آتِنَا فِيْ الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِيْ الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّار

والسلام علىكم ورحمة الله و بركاته

.

««««« menu «««««

Baca Kumpulan Nasihat Islami: di sini ….

TINGGALKAN KOMENTAR

Please enter your comment!
Please enter your name here